sesty

Senin, 20 Januari 2014

Nurbentang

Hiliwir angin teu karasa,
heherang ci ibun teu ngageuri,
nepi ka iraha ninggalkeun pangreureuhan
sora nu jadi indung,
panggero nu jadi bapa
laun laun ngajauhan
horeng diri kapahung dina cukang kaduhung,
leung.. kapiuhan
ragrag dina gawir katunggaraan,
keueung uyup ayap kapoekan.
Miharep salira datang
mawa obor kabagjaan.

Nurbentang, 20 nop 2013

Tidak ada komentar:

Posting Komentar